Posts

Showing posts from October, 2018

WAWANOHAN YU

Image
Basa keur diajar di kelas, Mata Kuliah Apresiasi Prosa Dewinda Asih Nastiti, nya eta ngaran nu diamanahkeun ka kuring. Eta ngaran teh mangrupa doa jeung hareupan nu jadi indung jeung bapa, sangkan kuring salaku anakna loba nu mikaasih, sarta loba mikaasih batur jeung sasama, tur bisa tuluy nastiti, ari nastiti teh hartina teu mencog tina aturan, atawa kudu tuluy luyu jeung nu sakuduna.  Kuring gumelar dina kaping 24 April 1995, dinten senen tabuh 10 wanci panon poe keur haneut moyan. Kuring anak ka lima ti tujuh sadudulur. Ayeuna kuring miboga kalungguhan salaku mahasiswi s-2 Jurusan Pendidikan Bahasa dan Budaya Sunda Universitas Pendidikan Indonesia. Mimitina mah, kuring cangcaya bisa asup jurusan basa sunda, ngan kusabab di dunya ieu mah ciduh indung mah metu, saucap nyata, atuh kuring teh bus we ngamimitian nuntut elmu di eta jurusan sanggeus kaluar SMA.  Kuring miboga kalangenan maca jeung nulis, ti mimiti budak keneh nepi ka ayeuna. Kuring, resep diajar sagala rupa perkar...