Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh Bandung Lembang puser kaendahan diriung ku gunung-gunung gunung sasakala sunda, sunda jaya nubaheula panjujugan, paniisan pangbeubeurah, nu keur susah panyinglar suk kawa manah musnah ku hawana gunung (Kawih Bandung Lembang) Eta kawih teh asa matak waas, komo nalika kuring keur diuk dina korsi honje di sagigireun tangkal kembang kantil nu jangkungna geus ngaleuwihan suhunan aula tempat acara MGMP Basa Sunda dilaksanakeun. MGMP Basa Sunda tingkat provinsi baris ngalaksanakeun diklat MGMP nu judulna " Meningkatkan Kinerja MGMP Bahasa dan Sastra Sunda Jenjang SMA/SMK WILAYAH IV,V,VI". Ieu diklat MGMP teh dilaksanakeun ti tanggal 25 September 2019 nepi ka 27 September 2019. Anapon tempatna nya eta di Grand Hotel Lembang. Pamilonna mangrupa guru basa Sunda jenjang SMA/SMK nu aya di KCD IV (Kabupaten Karawang, Kabupaten Subang, jeung Kabupaten Purwkarta), V (Kota Sukabumi...